Adsense

Sabtu, 04 Juni 2011

Mulangkeun Katineung kana Maenbal di Bandung Babarengan jeung Komunitas Aleut

Acara ngAleut munggaran dina tahun 2011 poè Minggu tanggal 2 tèmana tèh sajarah maènbal di Bandung. Rus-ras ingetan tèh keur jaman sakola kèneh di Sakola Dasar tahun 1972-1977. Da teuing kumaha maènbal tèh ujug-ujug bisa. Harita babaturan lalaki anu teu bisa nyèpak bal bisa kaitung moal leuwih ti tilu. Rek asup sakola maènbal heula, istirahat maènbal deui. Atuh balik sakola maènbal deui ngan tara lila.

NgAleut ayeuna dimimitian ti Stadion Persib Jalan Ahmad Yani Bandung, jaman Walanda mah katelah Lapang Sidolig tempat latihan maènbal tim Sidolig. Hartina Sidolig nurutkeun Indra anu mingpin ngAleut nyaèta “Sport in de open lucht is gezond” atawa ceuk Indonesia mah “Olah raga di alam terbuka menyehatkan”. Kleub Sidolig diadegkeun taun 1903 ari lapangan mah dijieun taun 1908. Tahun 1970-an sok rajeun dibawa ku bapa kuring nonton maènbal kompetisi Persib di stadion ieu ogè di Stadion UNI di Jalan Karapitan. Ditung-itung geus aya kana 30 taun teu pernah asup deui ka dua stadion ieu.

Ningali nu keur latihan di Stadion Persib

Sanggeus seubeuh ningali jero Stadion Persib lalampahan 23 urang Aleut diteruskeun ka Stadion Siliwangi. Stadion ieu mimiti diwangun tahun 1954 alpukahna Panglima Siliwangi harita A.E. Kawilarang. Ari keur jaman Walanda mah lapangan tèh sok dipake latihan kleub Sparta. Ceuk Rizky atawa anu ngetopna mah Ayan salah saurang nara sumber Aleut, yen maènbal tèh dibawa ku militer Walanda anu di abad ka-19 geus pada mikawanoh ku masyarakat rèa. Geus lila ogè tara ka Stadion Siliwangi tèh. Anu inget pangahirna nonton kompetisi Galatama (Liga Sepakbola Utama) dumeh SBR (Sari Bumi Raya) salah sahiji tim anu markasna di Bandung, pangpangna mah anu jadi bèkna tatangga pisan, Kang Endang.

Jero Stadion Siliwangi

Saterusna ngAleut tèh mengkol heula ka urut Pamandian Tirta Merta atawa jaman kolonial mah katelahna Centrum. Wangunan ieu diadegkeun taun 1920 anu arsitèkna C.P. Wolff Schoemaker. Ieu urut pamandian tèh jerona keur dirombak duka bakal jadi naon ari hawar-hawarna mah restoran. Harita rombongan tèh meunang ningalian jero wangunan ngan teu meunang ngaganggu nu digarawe sumawona make tunyu-tanya mah. Sigana wangunan utamana mah (hareup) moal diancurkeun. Rek kumaha ogè ieu tèh mangrupa titinggalan atawa benda cagar budaya.

Urut Pamandian Centrum

Basa sakola di SMP jeung SMA (1978-1984) sok remen olah raga renang tèh diayakeun di pamandian ieu. Harita mah di hareup panto asup tèh aya nu dagang baso tahu kacida ngeunahna. Hanjakal ngojay tèh tepi ka ayeuna teu bisa.

Sanggeus mulangkeun katineng di Centrum, Jalan Belitung terus lumaku nuju ka urut Stadion UNI di Jalan Karapitan. Kacida ngajenghokna gening ayeuna mah geus lain lapang maènbal deui! Urut tribun jang nu nongton belah kulon geus taya urutna. Kuring inget pisan lamun nongton sok beulah kulon nonggongan panon poe sorè, ari lapangan manjang ngalèr-ngidul. Masih kabayang kènèh harita aya aki-aki anu makè pangsi jeung diiket lamun tim anu dijagokeunana ngasupken bal ka gawang musuh terus weh ngengklak di sisi lapang. Di taun 1970-an ceuk paningali kuring Kompetisi Divisi Persib tèh teratur resep dilalajoanana ogè jeung anu nongton cukup tartib.

Tim-tim anu ngilu kompetisi di antarana: UNI, Sidolig, BSA, PS Angkasa (TNI AU), POP (Polri), PSAD (TNI AD), Singgalang, Setia, Indonesia Muda, ITB, jeung Elput. Harita mah Ketua Persib tèh Walikota R. Otje Djundjunan (1972-1979).

Urut Stadion UNI

Dina taun 1970-an kènèh, dina hiji poè Minggu diajak bapak kuring nongton pertandingan maènbal segitilu di Kebon Raja (halaman balai kota) baheula mah katelahna Pieterspark. Tim anu maèn nyaeta tim Radio Mara, tah anu dua deui mun teu salah mah ti Radio Maestro jeung Sonata (hampura mun salah). Tujuan diayakeun èta pertandingan jang ngahibur masyarakat Bandung. Atuh anu maèn ogè lolobana mah penyiar di antarana Kang Ibing (alm).

Tong ngabayangkeun pertandingan jumlahna aya tilu kali, tapi ieu mah ngan ukur hiji pertandingan tapi dina hiji lapangan aya tilu tim anu maèn. Gawang oge aya tilu anu bentukna segitilu. Orokaya lamun tim A rek ngasupkeun ka gawang tim B, pemain tim B ngagorowok, “Kaditu heula ngasupkeunana.” Maksudna mah ka gawang tim C heula ngasupkeunana. Alhasil pertandingan tèh, kacow jeung teu lila da ngan ukur hiburan.


Dicandak tina Notes dina akun facebook sim kuring: asep.suryana1

Tidak ada komentar:

Posting Komentar